PIHATUR

Ku kalurna ieu buku, pribados sanes pisan gaduh maksad mamatahan atanapi agul ku panemu, sok sumawonten bade mapandekeun maneh ka anu barudiman sinareng anu faraham tina hal perkawis drigama (Agama) atanapi ka anu parantos tiasa masihan tuduh jalan ka Pangeran, nya eta ku ayana buku-buku, surat-surat kabar sareng sajabi ti eta. Mung bae pamaksadan pribados mah teu aya sanes mung etang-etang jadi dog-dog pangrewongna bae, sugan kapayun aya kamajengannana tiasa nambih-nambih aosan sinareng manawi aya pulungeunnana.

Samalihna ti maksad anu kasebat di luhur, pribados sakadar mere perjawaban ka nu ok rajeun “sing gerentes pungkureun” nyarioskeun tina hal Agama atanapi ka-Tuhannan, dupi anu dicarioskeun jalaran tina “karirang hartos” atanapi sok rajeun “nganaha-naha” kana per-adatan Agama dina prakna (praktisch), sapertos : sok rajeun aya anu naros kieu upamina :

Naon ari Allah ?

Naon ari Agama ?

Naha nu ngajalankeun Agama teh prakna bet kitu? Atanapi bet kieu? Sareng rupi-rupi deui.

Eta hal-hal anu kasebat di luhur teh sanes pisan carang kajadian, namung meh jadi lumbrah, di anu kirang pamendak mah eta hal teh sok rajeun nimbulkeun percekcokan tina pada rumaos ngagaraduhan katerangan sewang-sewangan (sacara-carana) tea.

Ku aya anu sok kajantenan kitu pribados bet asa katarik hate teh bet hayang milu ulubiung pipilueun kurung-karang etang-etang nyundut batur ceuk saur anu ayeunamah “nyeneuan” ka anu parantos laluhung pamendakna tina hal Agama sinareng nu ageung kapercantenannana ka Pangeran, cing sugas hawatos ka nu aos ku panemu, ka nu lapar ku panalar dina jaman anu cupeut ka hareup.

Ilmu nu barang Haqullah sumangga geura dadarkeun, supados pada terang, ulah didamel rusiah, sumawon di umpet-umpet, bisina bekas nyalahan!…margina iraha atuh bade nyaangan nu poek teh upami sanes ayeuna?

Kumargi eta pribados gaduh panuhun ka sadayana sakali deui :

Geura pasihan jalan anu terang, sakur anu paroekeun teh!

Ulan dibantun kukurilingan, bisi tambih lieureun!

Ulah di engke-engke…ari margina?

Hirup katungkul ku pati, pahe teu nyaho dimangsa

sinareng supados tiasa teteg dina enggon-enggoning nyebatkeun : Hirup nuhun, Paeh rampes teh…

Pangarang

BOEDI – DJA