BUDI DAYA

Naon ari artina Budi Daya

BUDI teh hartina gerakna badan lemes (batin) anu hade, Jeung ari hartina DAYA nya eta gerakna badan badag (lahir) Anu kagerakeun ku badan lemes tea,sarta anu bisa kasaksi Ku Panca dria

Ari karuhun urang aya budi dayana ?

Puguh bae………..Karana budi dayana karuhun, Ku urang moal bisa di pungkir;Kubukti; Salamet na ; ti mimiti urang dikandung Ku indung nepi ka waktu ieu pisan (maca ieu buku) teh wungkul (gegedena) jasa indung –indung bapa urang; karanamoal aya hiji Mahluk pangeran di alam dunya ieu anu boga jasa keur Kasalametan anak nu leuwih ti Indung bapana. Kulantaran kitu sok sageuy anu ngarasa mah ;arek kanu budi dayana indung bapa, enya oge aya numikanyah di alam dunya ieu teh arit tapi leuwih[ bisa ngaleuwihan] ti idung bapa mah, moal aya.

Lamun geus karasa atauh wajib urang rumasa sarta ngaku yen;enja na; moal Urang kumelendang ngumbara dialam dunya ieu lamun euweh budii daya idung bapa; Ngan palebah dieu urang kudu nyaho; moal aya indung bapa lamun euwewh budi dayana nini-aki- moal aya nini jeung aki lamun ewuh buyut jeung saterasna nepi ka ayana budi daya ti karuhun urang anu oge dijadikeun ku kersana anu Maha Mulya.

Ayeuna oge bisa dibuktikeun Budi Daya karuhun teh,saperti: keur kaperluan hirup jeung hurip diurang estu euweuh kakurangannana. Keur tatali hurip(dahareun-inumeun) lamun kaharti mah, asa moal kudu nguyang.

Keur hirup? kapan anggota badag-lemes sakieu cukupna, asa moal kudu nanya atawa nginyeum ka hirup batur.

Lamun urang teu percaya atawa acan harti keneh, geuning aya sindir kieu: Loba anu nyukcruk leuwi neangan cai, hartina eukeur aya dina tempatna, naha make diteangan? Neangan kejo, mawa sumbul dieusi sangu, hartina: kari prak-naha ngamprak ?

Neangan seuneu kundang damar, hartina: terang-Na geus aya dina oirina, Tapi hayoh masih nanya (butuh) ku katerangan batur (cenah )!

Ari butuh ku dunya ulah nanya kanu miskin !

Ari nanya lahir batin, ulah nanyakeun ka jelma nu teu nyahoeun kana dirina !

Nukumaha anu miskin teh ?

Ari anu miskin teh nyaeta anu salawasna ngarasa kurang jeung butuh bae ( euweuh kaseubeuhannana ), ceuk jawana

Pandita ora wareg denning ilmu”

Sodagar ora wareg deniing dunya”

Tah tinu kitu teh timbulna ( ayana ) MA-pipitu teh saperti :

Maen- Mmaling- Minum- Madat- Madon- Mangani jeung Mateni, anu geus migawe MAPIPITU, nya eta hartina sarua jeung geus poho kadirina, geus teu nyaho mana lahir jeung mana batin, alias geus mabok, ari mabok hartina geus poho kana purwa-daksina, purwa(asal), daksina ( wekasan ) jauh tina kecap innalillahi ( Kaulaning Gusti )- komo kana kecap WA ( jeung ) Inna Lillahi ( Kaula nu pasrah ka Gusti ) mah…………teu cara Karuhun ! Geus sabaraha rebu tahun pasrahna?

Geus ngamulyakeunnana bukti sakabeh turunannana di jaga di jaring beurang jeung petingna sangkan ulah kurang dahar jeung pakena sarta sing bisa narima tamu jeung sapertina, pantes mun disebut ROJIUN (tunggal pangawasana), ku geus prak bisa ngamulyakeun deui ku kamulyaannana ka sakabeh mahluk Tuhan sarta teu mandang ka kolot ka budak, ka awewe ka lalaki estu teu ngabeda-beda! Tapi ari ceuk anu mabok mah pajar karuhun urang teh teu beda sarua jeung sato!…….tapi sakituna deui, keun bae ulah arek dipake hate, da nu kitu mah hampuraeun, ku teu nyahoeun tea, jeung keur resep tuturuti, resepna nurutan batur, mun teu ka turutan boga rasa heunteu pinter, kanjeun modal hirup ti karuhun beak pisan sigana teu ngitung rugi, da pon maksudna katepi, katepi ceuk angkeuhannana; padahal katurutan mah batur teh mohal paling ukur nepi ka JIGA, ari JIGA tea sidik; LAIN pisan.Tuluyna hirupna euweuh pangaji, siga jalma anu nurut, ngandelkeun wungkul ti batur, hirup jiga nu numbila budi dayana karuhun karimbunan kapoekan, nepi ka geus poho deui, mikaresep kanu anyar, tipu daya dipibogoh mun bisa nipu ka batur boga rasa aing pinter jeung teu boga rasa dosa. Tah nu kitu ngarana bangsa titiron (PALSU) malsu kana kanyahona pribadi, ku hayang-hanyangna jiga, teu mikirkeun eukeur engke, sumawona inget kanu bakal dtang, nya eta anak incuna nu bakal gumelar pandeurieun manehna, estu jauh jeung budi daya karuhun; ka anak incu teh anggur mere jalan sina nipu daya teu hayangeun anak incu sina bisa ngarasakeun buah budi-daya karuhunna.

Lebah dieu teh beak ari pamenta mah muga-mugi eta anu nurut oge sing bisa mulih ka jati mulang ka asalna deui sangkan ulah jiga, sarta ulah ngawiwirang ka karuhunna. Kabudian-kadayaan ku karuhun teh?, lamun ngaku, tah nu kitu hartina ngarasa kabudayaan karuhun teh!…ulah waka ngagogoreng lamun can nyaho!…ulah muji lamun ngarasa rugi!…sabab euweuh deui anu wajib di puji angin anu Maha Mulya nu geus ngamulyakeun kanu sok aya jeung euweuh sapandeuriannana!).

Anu matak lamun arek diajar naon bae heulakeun heula nganyahokeun naon-naon anu geus di ajarkeun ku kanyaho diri (pimpinan indung-bapak, warisan ti karuhun urang) nya eta : kalimah-kalih (kecap du’a) : RAHMAN-RAHIM kolot-ngora-panjang-pondok-awewe-lalaki-kaler-kidul-gede-leutik jeung sajabana ti eta nu aya pasangannana, sabab lamun acan nyaho kana kalimah-kalih mah moal boga pamilih anu teu boga pamilih, kanyahona sok tuturut munding, atuh acan baleg, ana acan baleg mah atuh ka Drigama moal asup, sumawona kana Agama da teu beda jeung orok beureum ; hirup wungkul kasamaran.

Sagala teu jeung dipikir,

Sara teu panggih sarina

Hirup siga ka sesered

Diri taya pangajina

Sorosod bagjana awak

Beuki lila beuki surud

Patina bleg nu kasarad.